Sabtu, 18 Agustus 2018

Sejarah desa cangkuang


Urang salaku warga desa cangkuang kudu bangga lantaran aya sajarahna
ieu mh rek percaya heug rek teu percaya teu kajeun
baheula cenah desa cangkuang asalna tina tangkal nu ngarana cangkuang
ti desa cangkuang teh aya legenda ti para seuseupuh kolot baheula nurutkeun skema sejarah
dikisahkeun aya hiji kyai nu ngarantau ti situ panjalu ka desa cangkuang. Nami na nyaeta mbah dalem sutra wiyangga singkat carita Aya jawara nu namina Eyang kalang bima di karawang kadatangan anjeuna ngahaja nengan lawan nu sakti mandraguna tur gagah nu bisa ngelehkeun
Kadongkapan eyang kalang bima ka desa cangkuang Amprop sareng  Eyang Sutra Wiyangga duanana tarung di ranca ciganitri masing masing ngaluarkeun kakuatan . Eyang Kalang Bima eleh tarungna ku Eyang Sutra Wiyangga cenah elehna teh Eyang Kalang Bima ku bulir pare nu nyababkeun patuangana belah sampe kaluar eusi patunganana

Tah pas harita nyatakeun taluk ngaku eleh Eyang Sutra Wiyangga. tur nyarios Bade
ngabantos katurunan urang cangkuang dimana wae jeung iraha wae nu dibutuhkeun
Nurutkeun sejarahna mah cing saha aya urang katurunan cangkuang ngenjrag bumi tilu kali eyang kalang bima bakal dongkap nu dibutuhkeuna

Wallahu A'lam Bishawab

Tidak ada komentar:

Posting Komentar